Tuturut Munding

Lyrics: Doel Sumbang Music: Resa Rizki Agustian Tuturut munding (meureunan reuseup ka munding) Tuturut munding (meureun kasurupan munding) Tuturut munding (boa boa ngelmu munding) Tuturut munding (kalakuan siga munding) Batur lieur, milu lieur Batur ngaco, milu ngaco Batur gelo, milu gelo Diajak baleg teu daek Batur saur milu saur Batur buka milu buka Ti beurang batur puasa Manehna jajan samangka Batur saur milu saur Batur buka milu buka Ti peuting batur taraweh Manehna cindeukul gapleh Murus balak jebleh Malem lebaran Batur di masjid takbiran Manehna sorangan Mabok ao di pengkolan Poe lebaran Batur salembur solat id Manehna ngajoprak Dipepende ku jin iprit Batur saur milu saur Batur buka milu buka Ti beurang batur puasa Manehna jajan samangka Batur saur milu saur Batur buka milu buka Ti peuting batur taraweh Manehna cindeukul gapleh Murus balak jebleh