Lyrics: Taopik Hidayat
Music: Taopik Hidayat
Hayang roko, asa parait, tapi kamana neangan nana
Nepi ka pikiran kacida kabita mun subuh ngopi bari ngudud tenangna
Tinggal bako hoream ngalintingna hayang tinggal nyedotna
Tapi rasa nu ngagoda, teu bisa ditahan salawasna.
Ngeunah di jero dada kabawa tenang pikiran
Tapi sakumaha oge eta ngan bayangan, subuh kudu kamana neangan nana
Maksakeun bako bari ripuh ngalintingan, beres.
mana kopina,,,
Beak roko nya tinggal ngabako kalakuan sapopoé kabiasaan nu ngagero.
Beak roko nya tinggal ngabako Hayang roko tapi kudu mikir bako
Beak roko nya tinggal ngabako maenya kudu nganjuk ka unggal toko
Beak roko nya tinggal ngabako Nya mending ngabako, melak, ngurus dijual tuluy meuli roko hahahahaha
Ngeunah di jero dada, kabawa tenang pikiran
Tapi sakumaha oge, eta ngan bayangan, subuh kudu kamana neangan
Maksakeun bako bari ripuh ngalintingan, beres.
mana kopina,,,
(Beak roko nya tinggal ngabako) Lakonan sapopoé, kabiasaan nu ngagero.
(Beak roko nya tinggal ngabako) Hayang rokok, tapi kudu mikir bako
(Beak roko nya tinggal ngabako) maenya kudu nganjuk ka toko
(Beak roko nya tinggal ngabako) Nya mending ngabako, melak, ngurus dijual tuluy meuli rokok hahahahaha