Bawa Kalem Weh

Lyrics: Asep Balon Music: Asep Balon Tengah peuting beuteung aing kukurubukan Muka kulkas ngan aya cengek nu geus bulukan Indit ka dapur manggih endog gugulutukan Eh pas muka mejikom ajig euweuh sanguan Lalu aing nyo'o hp bari mamake boxer Atoh aya notip apekteh berita UC browser Ngechat awewe tara dibales jangar kana sirah Dibaca we hungkul samarukna jadwal imsakiyah Tong stress loba cicilan, tenang weh tong dipikiran Hirup teh kudu militan, rada iritan, ulah nyinyiran Kudu tetep seuri ulah dilobakeun ngalamun Bahagia kita yang nyiptain, bukan zulham zamrun!
Walau nyeri, kudu seuri Bawa kalem weh
Bawa kalem weh Bawa kalem weh Bawa kalem weh Hirup mah bawa kalem weh
Kalem weh da hirup mah, moal tuluy ngeunah Kadang di luhur kadang kaos kaki leungit sabeulah Hiji waktu loba duit bagja asa aing gagah Isukna euweuh kuota nyungkeun tetring ka si mamah Kadang hirup mah emang, teterusan nyieun bangkar Meuli nasgor kurupukna, poho teu didahar Meser royco kabaseuhan hese muruluk Ninyuh midog caina kadon mudal ngabulukbuk Hirup mah bawa komedi weh montong jadi beban Enya ge dompet ipis euweuh keur mayar sametan Duit ATM teu bisa dibawa da kurang ceban Enjoykeun weh mening ge neang dahar di uleman
Bawa kalem weh Bawa kalem weh Bawa kalem weh Hirup mah bawa kalem weh