Lyrics: Surabi Gelo Music: Surabi Gelo/Asep Balon Verse 1 Kadang hirup sok maksa nyieun urang mikir Urang rumasa émang urang kudu nyingkir Maneh émang pantes meunangkeun anu leuwih Keun wéh baé urang geus biasa ngarasakeun peurih Karena batur pasti bisa, méré sagalana Urang mah da ngan bisa mere waktu jeung tanaga Ukur bisa usaha keur nyieun maneh bahagia Lain ukur kata-kata tapi ku maneh karasa Tapi manéh teu salah, urang ngan bisa pasrah Najan hirup urang asa kaleungitan arah Tuluy neang duit walau loba gogoda Meh teu ngarasa deui nyeri jadi jalma teu boga
Chorus Urang sadar pisan lain jelema aya Urang sadar pisan urang jelema teu boga Matak wajar manéh milih nu leuwih méwah Karena urang ukur ngamodal kanya'ah
Verse 2 Nuhun, geus ngaluangkeun waktuna keur urang
Meskipun singkat, tapi moal bisa diulang Sagala pengorbanan enggeus dilakukeun kabéh Ayeuna urang saukur bisa ngadoakeun manéh Baé urang nu nyeri, asal maneh bisa seuri Manéh bakal apal kanya'ah moal bisa dibeuli Bae urang nu indit asal nyieun manéh bagja Urang sadar haté mah da moal bisa dipaksa Tapi hiji waktu ku manéh gé bakal karasa Maneh bakal sadar harta lain nu utama Batur méré sagalana karena boga loba Tapi urang méré kabéhanana nu urang boga
Bridge Urang teu bisa kukumaha Karena nu ngaranna cinta, moal bisa dipaksa Tapi cinta nu sabenerna Teu kudu loba harta Pasti bisa bahagia
Chorus Urang sadar pisan lain jelema aya Urang sadar pisan urang jelema teu boga Matak wajar manéh milih nu leuwih méwah Karena urang ukur ngamodal kanyaah