Jalir Jangji

Lyrics: Yana Kermit Music: Yana Kermit Teu lami sasasih deui Asih urang bakal ngahiji Teu weleh dianti-anti Bakal nyorang laki rabi
Awas ulah robih deui Komo deui rek jalir jangji Estu cinta ukur hiji Nepi ka dijemput pati
Nya abdi sareng salira Pada pada mikacinta Susah senang sesarengan Pait manisna dua..an…
Ulah jalir jangji Ulah jalir jangji Komo deui aya niat nganyenyeri
Ulah jalir jangji Ulah jalir jangji Komo deui aya niat gaduh deui
Kadeudeuh nu urang Kaheman keur urang