Lyrics: Asep saepudin
Music: Asep saepudin
Sunda lain ukur basa
sunda lain sakadar akuan
tapi dina leungeun leuleus
Aya dina lampah kahadean
Leuweung héjo, cai ngocor
Gunung ngajaga jagat Sunda
tapi naha, beuki jauh
beuki jauh, beuki leungit
Sunda lain ukur basa,
Sunda lain ukur carita
Sunda téh dina rasa
Sunda téh jiwa nu hirup
Lamun teu ngajaga
Saha nu rek mibanda
Lamun teu nyarita
Saha nu rek ngahirupkeun
Sunda lain ukur basa,
Sunda lain ukur carita
Sunda téh dina rasa
Sunda téh jiwa nu hirup
sunda lin sakadar ngaran
sunda lin sakadar akuan
sunda aya dina jiwa
sunda aya dina raga